Sabtu, 25 April 2015

Tips Keur Anu Hese Ngalieuk

Hese ngalieuk teh nyaeta kaayaan dimana hese culang cileng dan beheungna bagaikan begu. Hese ngalieuk di sebabkeun oge kulantaran salah posisi dina waktu sare. kuduna ngagoler ari ieu kalah sare bari nangtung oh betapa hesena. Loba oge nu sok nyalahkeun kana bantal padahal bantal teu boga salah nanaon. Oh betapa kejamnya jelema. Loba jalma nepika aral ku sabab hese ngalieuk, kumaha henteu aral atuh ari beheung geus jiga begu wae teu bisa belok.


Itu di luhur aya contona nu hese ngalieuk, kade tong salah fokus tingali beheungna we tong nu lain. Anu na foto mah hese ngalieuk karna tuluy maen komputer, jadi nu sok maen komputer kudu posisina kudu bener engkena bisi hese ngalieuk.

Urang share yeuh tips meh hese ngalieukna tereuh cageur

1. Pencetan atawa di urut

Cara ieu berguna oge jang aranjeun anu beheungna hese ngalieuk, ku cara di pencetan urat uat beheun anu tegang jiga nu rek di peuncit bakal laleleus deui jeung bakal nyieun anjeun bisa ngalieuk deui normal. Jasa pencet atawa urut aya nu maling terkenal nya eta ma erot, ma erot bisa nyembuhkeun karna misalah, urat tegang (urat naon we) khususna lalaki anu uratna sok tegang cobaan ka ma erot sok geura bakal leuleus deui.

2. Bibita

cara nu kadua ieu patut di coba oge lamun hese ngalieukna ka katuhu cobaan dekeutkeun awewe anu geulis di belah katuhu naluri lalaki eta bakal langsung ngalieuk deui. Lalaki tea sanajan keur sibuk ari pas ningali awewe geulis tur seksi otomatis panonna teh fokus ka awewe eta sanajan sabara detik. jadi kange kaum adam anu hese ngalieuk cara ieu patut di coba.

Sakitu cara cara meh cageur hese ngalieukna, rek di coba mangga teu di coba silahkan bae.

Wilujeung enjing ti tatar pangirutan

Tidak ada komentar:

Posting Komentar