Jumat, 24 April 2015

Budak Boloho

Budak mengo atawa boloho nyaeta jelema anu sok puluhak polohok jiga nungarti padahal mah henteu. Budak boloho kalolobaanna masih keneh polos fikiranna, sok kepoan ku sabab can apal nanaon loba tatanya, tapi tetep we boloho atawa teu ngarti ngarti keneh. Mineng di bobodo kusabab teu ngarti nanaon. Secara kasarna budak boloho tteh nyaeta budak anu satengah bodo, di bilang bodo sok kadang kadang loba imajinasi anu hade hade.

Kaalusan budak boloho ieu nyaeta ngalakukeun sagalana kadang kadang tanpa pamrih atawa tanpa di bayar. Ngalakukeun sagalana teh ikhlas tanpa aya kahayang di hargaan ku batur. Budak boloho mah emang kitu sifatna bageur, musuhan sakedeung cageur deui jadi kadang kadangan lah. Kadang jadi singa kadang oge jadi hayam, kadang jadi punk kadang oge jadi pink.

Ieu aya conto yeuh budak boloho keur ngobrol jeung bapana.

Encep : "Pa, Encep enjing bade ulangan Matematika. Pami Encep kenging peunteun 10, bapa bade masihan naon ka Encep?"
Bapa : "Bapa bade masihan duit saratus rebu..!"
Encep : "Alim ah saratus rebu mah, sarebu wae nya, Pa?"
Bapa : "Naha, Cep?"
Encep : "Saratus rebu mah cape ngetangna.."

Jadi tong jadi jelema mah anu boloho bisi di bobodo ku batur heueuh kasep. 


Tidak ada komentar:

Posting Komentar